|
Article on other languages:
|
Dina kimia, asam amino nyaéta molekul naon baé nu ngandung boh gugus fungsi amino jeung asam karboksilat. Dina biokimia, harti nu pondok sarta umum ieu mimindengna digunakeun pikeun nujul asam amino alfa: asam amino nu gugus fungsi amino jeung asam karboksilatna kabeungkeut na atom karbon nu sarua. Résidu asam amino nyaéta naon nu nyésa na hiji asam amino nalika hiji molekul cai leungit (hiji ion hidrogén, H+, ti sisi nitrogén sarta hiji ion hidroxil, OH-, ti sisi karboxilat) dina ngawujudna beungkeut péptida .
IhtisarAsam amino ngarupakeun batubata biokimia, nu ngabentuk polimér pondok nu disebut polipéptida atawa péptida nu salajengna ngawangun struktur nu disebut protéin (tempo di handap). Dua puluh asam amino disandikeun ku sandi genetik baku sarta disebut protéinogénik. Asam amino nu leuwih jarang jeung leuwih pajeulit bisa dijieun dumasar kaperluan ku awak. Prolin mangrupa hiji-hijina asam amino protéinogenik nu gugus gigirna siklik sarta numbu ka gugus a-amino, ngabentuk gugus amino sekunder. Asam amino séjén nu dikandung dina protéin biasana dibentuk tina modifikasi sanggeus translasi (sintésis protéin). Modifikasi ieu sipatna penting pikeun fungsi protéinna. Sahanteuna aya dua asam amino (lian ti nu dua puluh) nu sok dibeungkeutkeun kana protéin nalika translasi:
Nu kapanggih di alam, kiwari geus leuwih ti 500 asam amino. Malah di antarana aya nu kapanggih dina bahan météorit. Mikroorganisme jeung tutuwuhan mindeng ngahasilkeun asam amino nu teu ilahar, nu sok aya dina péptida antibiotik (misalna nisin atawa alamétisin).
Lian ti asam amino pikeun sintésis protéin, aya asam amino séjén nu sacara biologis penting, kayaning neurotransmitter glisin, GABA jeung glutamat, ogé karnitin (dipaké na angkutan lipid jeroeun sél), ornitin, sitrulin, homosistéin, hidroxiprolin, hidroxilisin, jeung sarkosin. Sababaraha ti 20 asam amino na sandi genetik katelah asama amino ésénsil, sabab teu bisa disintésis na jero awak tina sanyawa séjén ku réaksi kimia, tapi kudu diasupan tina dahareun. Pikeun manusa, nu kaasup asam amino ésénsil nyaéa lisin, leusin, isoleusin, métionin, fénilalanin, tréonin, triptofan, valin, sarta (pikeun barudak) histidin jeung arginin. Mangpaat asam aminoMonosodium glutamat ngarupakeun additif pangan pikeun ngaronjatkeun rasa. Struktur umum asam aminoStruktur umum asam amino alfa protéinogénik nyaéta: COOH | H-C-R | NH2 di mana "R" nunjukkeun ranté gigir nu husus pikeun unggal asam amino. Asam amino biasana digolongkeun dumasar sipat ranté gigirna jadi opat golongan: asam, basa, hidrofilik (polar), jeung hidrofobik (nonpolar). IsomérismeIwal glisin, R = H, asam amino aya dina dua kamungkinan isomér optik, nu disebut D (tina déxtro) jeung L (tina lévo). Asam amino L ngarupakeun mayoritas asam amino nu aya na protéin. Asam amino D aya na protéin nu dihasilkeun ku exotic sea-dwelling organisms, kayaning cone snail. Ogé loba pisan ayana dina dinding sél baktéri. RéaksiProtéin diwangun ku polimérisasi asam amino dumasar beungkeut péptida dina prosés nu disebut translasi. 1. Asam amino; 2, struktur zwitterion; 3, dua asam amino ngabentuk hiji beungkeut péptida (tempo ogé beungkeut kimia). Daptar asam aminoStrukturTabel di handap ieu mintonkeun struktur jeung lambang 20 asam amino nu aya na sandi genetik. Sipat kimiaTabel di handap ieu ngadaptar lambang saaksara, lambang tilu aksara, sarta sipat kimia ranté gigir asam aminona. Asam amino nu can kanyahoan dibéré lambang X (saaksara) atawa asx (tilu aksara) nu ngandung harti yén éta asam amino téh asparagin atawa asam aspartat.
|
||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
This article is from Wikipedia. All text is available under the terms of the GNU Free Documentation License.